Hallo semua di blog kali ini chart ingin share materi warta!:). Warta ini dalam bahasa Indonesia sering disebut juga sebagai berita. Lansung simak aja Yukk! Karna bakal dijelasin lebih lanjut.
1. Perkara Warta
Warta sok disebut ogé berita, nyaéta mangrupa iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan. Biasana sok dimuat di média citak atawa éléktronik. Jalma anu sok nyieun berita disebut wartawan atawa jurnalis. Nulis warta béda jeung nyieun tulisan séjénna, dina warta kudu puguh sagala rupana, dimana kudu matok kana unsur 5W+1H (Who, Why, what, when, Where, How) atawa (saha, naha, naon, iraha,
dimana, kumaha).
Dina warta dijelaskeun kudu dumasar kana fakta jeung kanyataan, dina ngumpulkeun éta fakta aya 3 cara nyaéta: observasi, wawancara, jeung risét média/dokuméntasi.
a. Observasi: niténan hiji kajadian, naon anu katempo, karasa, kadéngé/kaalaman, dini hiji kaayaan
b. Wawancara : ngawawancara hiji jalma, anu dianggap apal kana perkara anu rék diwartakeun
C. Risét média : ngumpulkeun informasi ku cara macaan sumber nu geus aya, bisa tina buku,majalah, internét, jsb.
2. Nyungsi ajén warta
Warta anu ditepikeun kudu anu narik/alus, dina jurnalis aya istilah "ajén warta" nyaéta nilai-nilai anu kudu di cumponan sangkan hiji kajadian bisa diangkat jadi warta.
Unsur-unsur dina ngajenan warta :
a. Waktu
b. Aya patalina jeung kahirupan balaréa
c.Anéh
d. Konflik
e. Kajadian anu deukeut jeung nu maca
f. Hal anu matak nimbulkeun rasa simpati
3. Ngaguar strukur (adegan) warta
a. Judul (headline)
Usahakeun nyieun judul sing saalus-alusna. Judul mangrupa label, titél anu dilarapkeun ka nu maca, nu gunana pikeun ngahudang kapanasaran nu maca, judul ogê mangrupa slogan anu midangkeun topik dina wangun anu leuwih narik ati.
b. Bubuka
Mangrupa alinéa/paragraf awal anu aya handapeun judul, nyieun bubuka kudu alus lantaran teu béda ti "étalaseu" toko.
c. Waruga warta
Nyaéta eusi/inti warta nu ilaharna mangrupa jawaban kana lima pananya (5W+1H).
d. Pamungkas
Mangrupa alinéa/paragraf ahir dina mungkas warta.
Bagéan warta :
1. Upama ditilik tina adeganana, warta teh diwangun ku puhu jeung eusi. Bagéan puhu mangrupa anu ngébréhkeun inti/ pokok tina sagemblengna eusi warta
Bagean eusi mangrupa katerangan tina inti anu aya dina bagean puhu wata (mangrupa paragraf anu munggaran tina warta).
2. Dina warta ogé aya istilah piramido terbalik, nyaéta adegan anu dimimitian ku bagéan penting beuki handap beuki teu penting, dina harti upama bagéan éta dileungitkeun moal nepika ngurangan
maksud kana wartana.
Komentar
Posting Komentar