Hallo semua di blog kali ini chart ingin share materi warta!:). Warta ini dalam bahasa Indonesia sering disebut juga sebagai berita. Lansung simak aja Yukk! Karna bakal dijelasin lebih lanjut. 1. Perkara Warta Warta sok disebut ogé berita, nyaéta mangrupa iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan. Biasana sok dimuat di média citak atawa éléktronik. Jalma anu sok nyieun berita disebut wartawan atawa jurnalis. Nulis warta béda jeung nyieun tulisan séjénna, dina warta kudu puguh sagala rupana, dimana kudu matok kana unsur 5W+1H (Who, Why, what, when, Where, How) atawa ( saha, naha, naon, iraha, dimana, kumaha) . Dina warta dijelaskeun kudu dumasar kana fakta jeung kanyataan, dina ngumpulkeun éta fakta aya 3 cara nyaéta: observasi, wawancara, jeung risét média/dokuméntasi. a. Observasi : niténan hiji kajadian, naon anu katempo, karasa, kadéngé/kaalaman, dini hiji kaayaan b. Wawancara : ngawawancara hiji jalma, anu dia...